NGAMEN GRATIS

Anaking ! deudeuh teuing ! , Sigana Abah teu bisa ,nedunan pamenta hidep ! , nu di harewoskeun tadi isuk , bareng jeung murubutna ci panon anjeun ! ", Lain teu di usahakeun ! anaking ! , suku mah geus leuleus teu puguh rasakeuneunana , mapay-mapay tiap buruan imah ,nitipkeun harepan ka gitar butut , namung dalah dikumaha beuki dieu  di tiap panto imah nu jadi harepan urang sarerea, ayeuna geus rapang kutulisan " NGAMEN GRATIS " .